Sabtu, 13 Juni 2009

carpon sunda

Surat jeung Du’a

Ku m.teguh gumelar

Poe sabtu, kawas poe nu sejen, Walda balik ti Sakola. Poe eta lumayan panas, angin ngahilwir tapi asa teu ngaruh kana kesang anu ngucur. Budak SD kelas 4 eta teh kudu leumpang ka Imah ti Sakolana anu jauhna 5 kilometer. Tikoro garing, sora asa leungit sangsara mani karasa. Balik Duhur, nepi ashar eta budak mani pikarunyaeun. Arek kumaha deui? Da kolotna jalma teu boga sanajan gawena diKantor Pajak. Tapi leuleusna Walda leungit teu nyesa sanggeus nepi ka imah. Manehna ngobrol jeung Indungna anu aya diimah keur mepende adina.

“Aduh, cape euy mah.. di luar panas pisan!”

“Sing sabar we jang, dakumaha deui atuh? Nu penting mah tiasa emam jeung bayaran we.. kedah sing sabar nya!”

“Enya mah.. tapi iraha urang bakal robah nasib?”

“Duka atuh.. mantakan kirim surat ka Gusti Allah nu Maha Kawasa! Saha nyaho bakal dikabul.”

“Emang bisa kit mah..?Walda mah ngadu’a we unggal sholat.. Emang Allah dimana?”

“Ah, dasar!Dimana wae ayana! Ngke lamun tos ageung Walda jadi ustad nya! Ngarah loba amalna!”

“Enya mah..Amin?!”

“Hahaha”Duanana seuseurian mani bungah pisan.

Walda tuluy mandi jeung Sholat Ashar. Sarengsena Sholat, manehna teu bisa sare lantaran aya keneh PR ti Sakola anu kudu dikumpulkeun isukna. Ba’da Maghrib Walda ngumpul jeung Bapa, Mamah sarta adina, Ijah nyanghareupan deungeun sangu anu haraneut keneh.

“Hmmm harum euy peda na!” Ceuk Walda.

“Tong waka di dahar!Tungguan Bapa beres sholat!”

“Enya mah.”

Teu lila bapana norojol ti kamar Ijah.

“Wah asik euy aya pencok!”

“Hayu atuh pa urang emam!”

“Lamun ka kolot ngomongna tong emam tapi tuang walda!”

“Enya mah.”

“Hayu urang ngadu’a heula saacan emam. Allahumma bariklana fima rozaktana wakina azabannar”

Walda , adina jeung kolotna langsung dahar di imah anu leutik sempit kawas kandang hayam. Sarengsena dahar, Walda ngobrol jeung Bapana.

“Da, bapa boga tetebakan.”

Naon Pa?”

“Naon Basa Cina na budak leutik?”

“Naon atuh? Orok meureun?”

“Lain! Asin?”

“Acan ah!”

Teu lila indungna ngilu ngumpul sanggeus mepende Ijah.

“Aya naon ieu teh?”

“Ieu mah.. naon basa cina na budak leutik?”

“Ih dasar nya! leutik leutik tetebakanna kawas kitu!”

“Ih, ieu mah ti Bapa mah! Jadi, naon eusina?”

“Naon geura?”

“Bapa! dasar ih ngajarkeun teu bener nya kabudak!”

“Keunbaeu atuh mah! Budak oge butuh hiburan hehehe”

“Jadi naon atuh? Asin lah!”

“Eusina canbaukan hahaha”

“Ih dasar si Bapa mah porno!”

“Hahaha”

Eta tiluan Indung, bapa jeung anak seuseurian ngakakak. Teu lila Walda indit ka kamarna arek sare. Keur sare, Walda ngimpi ningali kolotna keur sugema nempokeun manehna sabari merekeun kado ka manehna. Jam 4 subuh, Walda hudang bari lieur lantaran ngimpi sapeuting.

“Aduh, naon nya hartina ngimpi bieu peuting?Teuing ah.. arek mandi we..”

Sanggeus ngabereskeun simbut bolongna, Walda ka cai mandi cai tiis. Bedug Subuh kadangu, walda indit ka masjid. Sarengsena Sholat, Walda ngadu’a..

“Ya Allah.. Bagjakeun Mamah Jeung Bapa sangkan bisa hirup senang kawas batur.. Amin.”

Rengse Sholat, walda balik ka Imahna.

“Wah, asik euy! Enjing enjing aya cau! Hoyong nya!”

“Awas tong nu di sisi!”

“Kunaon kitu?”

“Pan etamah gede jang mamah hehehe”

“Mah hoyong HP euy..”

“Mana duitna Walda?!Ngaco we ah! Cau na tong nu di sisi nya!”

“ah, dasar mamah mah! Nya entos atuh nu tengah we Walda mah!”

“Ah, kitu atuh! hehehe”

Sanggeus nyokot cau, walda diuk na lawang panto.

“Walda tong diuk na lawang panto!”

“Kunaon kitu pa?”

“Ngahalangan jalan atuh!”

“Oh hehehe”

Unggal poe.. Walda jeung kulawargana hirup sederhana tapi bagja lantaran rasa silih asih silih asah silih asuh di imahna. 3 poe deui Walda ulang taun. Kolotna inget, ngan api api teu inget sabari gawe diditu didieu arek mangmeulikeun kado jang Walda. Dina poe ulang taunna, walda ngadu’a ka Allah..

“Ya Allah, hatur nuhun kanggo sadaya anu tos dipaparinkeun ku anjeun ka sim kuring sareng kulawarga.. Pang hapuntenkeun sadaya kalepatan sepuh kuring.. sareng bagjakeun Mamah sareng Bapa ya Allah.. Amin..”

Ba’da Ashar, kolotna balik ka imah. Nempo imah anu keur di riung ku tatangga.

“Aya naon ieu teh?” Ceuk mamahna Walda.

“Sabarnya!Sabarnya!Sabarnya!Sing sabar nya!”Tatanggana ngomentaran.

“Aya naon?!”

Teu disangka di imah si Walda geus ngagoler dikafanan, pupus lantaran kalaparan diimah. Indungna cerik ngagoak kokosehan di imahna anu butut kawas kandang hayam.

“Walda!hahah Heua heua heua!Ieu kado keur ulang taun maneh!HP Walda! Hudang walda! Hudang!”Indungna ceurik lantaran sedih pisan. Budakna anu leutik keneh kudu paeh ngora keneh. Teu lila bapana datang..

“Aya naon ieu teh ngariung didieu?”

Kitu nyaho anakna paeh kalaparan di Imah, bapana ukur bisa ceurik sabari maca surat anu ditulis walda keur Allah salaku surat ka gusti allah.


Ka gusti allah nu dimana wae ayana


Ya Allah.. bagjakeun sepuh sim kuring..

Hapunten sadaya kalepatannana..

Sepuh sim kuring bageur pisan ya Allah..

Hatur nuhun parantos masihan simkuring waktos kanggo sareng sareng hirup di dunya sareng sepuh sim kuring ya Allah..

Hatur nuhun pisan..

Mugi Sepuh kuring lebet sorga sanajan sangsara ayeuna..

Hatur nuhun ya Allah..


Budak leutik anu soleh kawas walda.. can baligh can seueur dosa.. Angin tarik ngaebos tatangkalan sabudeureun liang kubur Walda.. Sanggeus di kubur keun, Bapana ukur bisa ngadu’a..

“Ya Allah, hatur nuhun tos masihan sim kuring putra sapertos Walda anu bageur, sholeh jeung teu seueur kahoyong sanajan hirup miskin.. Sim kuring ukur nyuhunkeun Walda dilebetkeun ka Sorga ya Allah..”

“Amin..” Sadaya nu ya ngahaminan.